Rabu, 07 Desember 2011

Pidato Sunda euy...

Pangaruh Globalisasi kana Paripolah Rumaja

Assalaamu’alaikum Wr.Wb.
Hadirin anu ku sim kuring di pi hormat, tipayun neda di hapunten bilih aya kalepatan sawaktos sim kuring medar biantara ngeunaan : Pangaruh Globalisasi kana paripolah Rumaja
Hadirin sadaya,
Sakumaha anu kabandungan ku urang ayeuna, rehna dina kahirupan sapopoe anu di alaman boh ku kolot, rumaja atawa barudak geus loba pisan ka pangaruhan ku sagala rupa anu datangna ti luar naha budaya atawa Elmu pangaweruh ku ayana globalisasi kahirupan ngaliwatan media komunikasi atawa media sejenna.
Dina nyanghareupan jeung narima pangaruh ieu, urang kudu bisa milih mana pangaruh nu hade jeung mana anu goreng, dina dasarna mah urang teh kudu salilana panceg dina pamadegan pribadi jeung budaya anu geus aya di urang, sabab ka bandungan ku urang sarerea, utamana dina kahirupan rumaja kiwari geus kalintang matak pikahariwangeun keur ka hareupna. ku urang ka saksian, rumaja ayeuna lolobana dina narima pangaruh ti luar teh malar anu gampangna wungkul, upama teu kitu teh basana oge henteu gaul, tinggaleun jaman padahal eta kabeh lamun henteu di saring, ngan wungkul mangrupakeun racun keur dirina. Contona anu matak ngaracunan para rumaja urang teh diantarana: Pergaulan bebas, mabok-mabokan ngagunakeun narkoba, sabu-sabu, ekstasi jeung hal-hal lainna anu
teu saluyu jeung kahirupan urang salaku bangsa anu ngabogaan Budaya anu luhur.
Hadirin anu di pi hormat,
Pikeun ngunkulan pangaruh anu teu hade dina kahirupan rumaja, ieu jadi tanggung jawab urang sarerea naha pribadina masing-masing, masyarakat atawa pamarentah. Sadayana ieu gumantung jeung balik deui kana pribadi
masing-masing naha urang daek atawa henteu pikeun ngungkulan masalah ieu sagemblengna.
Supaya urang tetep ajeg dina pribadi jeung budaya anu geus nyampak di urang. Saterusna sangkan urang teu kapalidkeun ku arus globalisasi teu aya jalan urang kedah nguatan ka imanan jeung kataqwaan urang salaku mahluk beragama nyaeta anu biasa disebut “ IMTAQ” supaya dina nyuprih elmu pangaweruh jeung narima teknologi anu biasa disebut IPTEK teh bener-bener saluyu jeung kabutuh urang utamana para rumaja sangkan henteu nimbulkeun hal-hal anu goreng jeung matak ngarugikeun keur dirina atawa keur balarea. Supaya dina nyanghareupan waktu anu keur jeung
bakal disorang teh bener-bener aya manfaat jeung gunana dina kahirupan para rumaja.
Hadirin sadayana,
Rupina ngan sakitu anu tiasa ku sim kuring di biantarakeun, mudah-mudahan aya mangfaatna khususna keur diri pribadi umumna keur ka sadayana.
Hatur nuhun kana perhatosanana mugia ageung hapuntenna dina sagala rupi kakirangan sareng kalepatan.
Billahi taufiq wal hidayah wassalaamu alaikum Wr.Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar